Materi basa sunda kelas 8 semester 2
1. WAWACAN
Wangun carita nu dianggit ngagunakeun patokan pupuh
v Tina sastra islam
Wawacan Sarebu Wengi = R.H.M MUSA
Wawacan Angling Darma = R.A.A MARTANEGARA
Wawacan Batara Rama = R.A.A MARTANEGARA
v Tina dongeng
Wawacan Lenggang Kancana = Tubagus Jaya Dilaga
Wawacan Purnama Alam = Rd Suriadireja
Wawacan Panji Wulung = R.H.M MUSA
v Tina Carita pantun
Wawacan Lutung Kasarung = Engkawijaya
Wawacan Mundinglaya = M.A SALMUN
Wawacan Ciung Wanara = M.A SALMUN
v Tina carita Babad
Wawacan Babad Cirebon = R.H.M RAIS
Wawacan Babad Sumedang = R.A.A MARTANEGARA
Wawacan Babad Dipati Imbanagara = M.K Harja Kusumah
Wawacan Babad Majapait = Kadir Tisna Sudjana
v Gambaran kahirupan masyarakat
Wawacan Rusiah nu kasep = R.H Siti Hodijah Mahtum
Wawacan Secanala = R.H.M MUSA
Wawacan ALI MUHTAR = R.H.M MUSA
Wawacan Rusiah nu Geulis = Candrapraja
2. ESAY
Karangan pondok dina wangun lancaran (prosa), ngadiskusikeun hiji pasualan, midangkeun pamadegan, atawa ngajak balarea narima buah pikiran panulisna, jejerna mah ngeunaan nao wae.
1) - STRUKTUR MANDU ACARA
1. BUBUKA
2. BIANTARA EUSI
3. BIANTARA PANUTUP
- HAL2 nu diperhatikeun ku nu mandu acara :
Busana
Waktu lumangsungna acara
Volume sora
Basa nu dipake
Sikep
Ngatur acara
Nutup acara
Acara tambahan
2) WAWANGSALAN
Diwangun ku dua padalisan,tiap padalisan diwangun ku 8 engang.
3) ARGUMENTASI
Eusina ngajentrakeun hiji perkara dumasar kana faktu tur alesan nu kuat sarta logis, nepika nu macana kapangaruhan pikeun milampah hiji pagawean.
4) Istilah Geograpi :
a) Patali jeung alam di darat: ( sageja)
Ω Sampalan : bagian leuweung mangrupa lapangan nu aya jukutan.
Ω Geger : bagian tonggong gunung nu manjang
Ω Jalan jajahan : jalan satapak
b) Patali jeung alam di laut:
Ω Supitan : laut leutik diantara 2 daratan
Ω Bungin : pulo leutik di muhara
Ω Jojontor : daratan anu ngajorok ka laut
c) Patali jeung alam di langit:
Ω Katumbiri : cahaya nu melengkung warna warni
Ω Gelap : guruh atawa sora euweuhan niu tarik lantaran ngeserna udara dibarengan
Ku kilat
Ω Kingkilaban : kilat di tempat nu jauh nepika teu kadenge sorana
5) Kalimah Parentah
1) Kalimah panitah
- Endul, launan atuh radiona !
- Punten pa, ningal karcisna
2) Kalimah pangajak
- Heri, hayu urang sakola bisi kebeurangan!
- Mangga atuh sasarengan, sareng abdi!
3) Kalimah pangharepan
- Hayang teh gera liburan, rek ulin ka singapur
- Muga-muga harepan urang tinekanan
4) Kalimah panyaram
- Teu meunang miceun runtah di dieu!
- Ulah ngalamun di lawang panto, diah!
5) Kalimah pangwadi
- Hadena mah ulah waka rea omong
- Mun ganti atuh baju teh, Nita!
6) Kalimah pangjurung
- Burukeun mandina, Rudi!
- Gancang leumpangna bisi kabeurangan!
7) Kalimah panggeuri
- Cing atuh, abdi pasihan, Gan!
- Hih, atuh ujang, sing sabar weh!
6) Sistematika nulis laporan
Judul/Tema kagiatan
Hal-hal nu di tepikeun
1. Tujuan
2. Waktu jeung lokasi nu dituju
3. Pamilon (peserta)
4. Sarana pangrojong
5. Lumangsungna kagiatan
7) Warna kecap
Kecap panganteb : bae,deui,teh,wae,atuh,mah,geuning,pisan
Kecap panganteur: dut hitut, blug labuh, bray caang, reup pareum, gek diuk, ckikik seuri
8) Nulis surat
Wangun surat pribadi :
- Titimangsa surat
- Tujulna surat
- Salam pamuka
- Eusi surat
- Sala panutup
- Tanda tangan
Kalo Kurang Comment!